Sabtu, 13 Oktober 2012

Kalangkang Katresna

Raga teh kalangkang diri
Rasa teh rarangken sukma
Ka anjeun kuring mihapekeun kanyaah
Ka ajneun kuring nitipkeun kaheman....
Saumpama katresna anjeun sulaya
Jeujeur harupat pinasti subaya
Dina rasa midang sugriwa....
Mapaes pikir medarkeun ka lugina
Jirimna anjeun jadi rarangken kabagjaan
Mapag carita kasinugrahan....
Ceuk beja anjeun teh gening.....
Ceuk angin anjeun teh horeng.....
Ceuk kuring....anjeun teh cahya nu sumirat....
Mawa carita jeung lalakon jang sampeureun jaga......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar