Kamis, 18 Oktober 2012

"Gerentes Hate"


Jandela rasa mukakeun ktresna ka salira....
Panyaweran raga meungkeut tali asih panineungan.....
Sapurantina diri horeng anjeun anu midang.....
Sapurantina rasa horeng anjeun anu kapicangcam.....
Langit lenglang acas bengras.....nyacapkeun kaheman simpena peuting.....
Angin peuting ngadalingding maturan raga katineung.....
Bulan sapasi nyarande dina dapuran rasa.....Nyawang mangsa, anu mawa suda.....
Nyangsaya gerentesna hate...anu ngalangkang kahariwang......
Anjeun teu nyimpen janji........
Anjeun teu nunda carita......
heunteu oge nalatahkeun beja.....
Tapi naha ieu rasa iwal ti ka anjeun.....
Talaga rasa kahieuman halimun.....
Medar carita lalakon diri.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar