Minggu, 14 Oktober 2012

" Harepan "


Simpena peuting.....Ngamparkeun rasa, ngaronce carita.....
Simpena peuting .... nyarandekeun lamunan.....
Simpena peuting....meungkeut pageuh bangbalung pikir.....
Anjeun.....ngeuntreupkeun sesa pangharepan.....

Aya rasa katresna jang anjeun di sagigireun raga.....
Aya, ibar kacinta jang anjeun pamohalan laksana....
Aya hariring kaheman iwal jang anjeun....
Aya haleuang kanyaah disampaikeun jang anjeun.....

Angin peuting ngadalingding.....Marengan raga dina hariring....
Halimun anu nyimbutan Alam katojo cahaya bulan....Maturan rasa anu keur geugeut miheman....
Kalangkang anjeun milaraan....datang ukur dina lamunan....
Dina lamunan, kuring nyimpen harepan......ukur keur anjeun.....

1 komentar: