Senin, 15 Oktober 2012

"Gerentes Hate II"


Halimun nyimbutan pikir....Handeuleum nyuaykeun rasa.....
Katresna malipir raga nyarandekeun harepan ....
Mihapekeun katineung diri...lamun anjeun surti....
Peuting ieu, Alam mayang, langit lenglang.....
Aya gerentes panyesaan tina tunggara....
Aya talaga kabagjaan ngeusian bangbalung rasa....
Malati nu ligar kahieuman halimun....
Peuting beki simpe, hate karasa lungse....
Lamunan atra narembongan.....
Kalangkang anjeun ngajirim samar....
Rasa anjeun jadi hambar....
Dina paniisan raga....ngancik kaheman
Keur anjeun...dina impian.....
Keur anjeun dina panglamunan.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar