Minggu, 14 Oktober 2012

"Kalangkang Diri"

Simpena waktu cunduk ka janari....
Niiskeun pikir, mapaesan rasa.......
Dina lamunan bruh breh lalakon hirup jeung kahirupan....
Ngalangkang nepungan diri.....
Mungguhing hirup jeung kahirupan anging darma wawayangan.....
Mungguhing hirup jeung kahirupan ngan ukur nungguan sesa waktu....
Aya rasa kamelang.....
Lungkawing diri remen kamelang, rasa honcewang.....
Pamohalan moal nepi kana waktu, ninggang kana mangsa...naratasna jalan titincakan......
Nafakuran rasa, masagikeun raga horeng teu sapira.....
Kalangkang diri ngagupay rasa....
Kalangkang diri ngeunteungan gara....
Lain dunya anu di siar, tapi bagja anu di penta....
lain harta anu di pibanda, tapi harti anu kapiati....
Luhung budi, jembar manah, nyucruk galur, tatapan anu dipilampah...
Mugia aya dina karidhoan Manten-Na.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar