Sabtu, 13 Oktober 2012

"Catetan Janari Leutik dina panungtungan Taun"


Simpena janari leutik, panungtungan waktu.....
Ngentepkeun lalakon hirup jeung kahirupan.....
Asa cik keneh, tepung jeung taun 2011.....
Asa cik keneh, ngaronce carita ngalalakon ngeusian catetan diri ....
Asa cik keneh, aya lalakon kasuka, kabungah, kuciwa, lara jeung tunggara
Asa cik keneh, anjeun ngarongheap ngeusian lolongkrang anu kosong, na sabudeureun rasa....
Dibeungkeut pageuh ku katineung raga......nenden kaheman sanajan teu nunda jangji....
Kanyaah anjeun ngongkoyangan rasa mawa kabagjaan jang kahirupan.....
Angin leutik ngadalingding, wanci janari......
Halimun ngalimpudan, dahan, maseuhan regang jeung dangdaunan.....
Kalakay katunggara nyaksen jadi saksi.....sesa harepan jang sampeureun jaga....
Cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, dina panungtungan waktu......
Kalangkang diri, ngeusian pigura rasa,nunda catetan sampeureun jaga.....
Datangna taun 2012.....
Muka lalakon hirup jeung kahirupan poe ayeuna, isuk jeung pageto lamun nepi di jalanna
Aya sesa pangharepan anu nyaliara dina panyaweran rasa....
jang minuhan rohangan raga, ku garis pinasti ti Manten-Na......
Aya jodo, rizki, pati jeung pinasti anging Alloh kodratna sajati.....
Sesa harepan anu nyangsaya dina sabudereun rasa mapaes sesa harepan....
jang poe ieu, isuk jaganing geto......
Jadi rarangken hirup jeung kahirupan, mugia pinanggih jeung kabagjaan.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar